Serangga atawa mangrupakeun sato invertebrata ti kelas Insékta, takson panglobana paling lega ambahanana (di darat) ti filum Artropoda. Serangga ngawengku panglobana rupa sato di Bumi, kira aya 925.000 spésiés nu geus digambarkeun—leuwih ti gabungan golongan sato lian.
Aya kira lima rébu spésiés papatong, dua rébu congcorang, 20.000 simeut, 170.000 kukupu jeung ngenget, 120.000 laleur, 82.000 kutu, 350.000 éngang, sarta 110.000 nyiruan jeung sireum. Hasil ngira-ngira mah, kaasup nu cak kacatet sacara ilmiah, jumlah spésiésna téh bisa nepi ka 30 juta. Ulikan ilmiah ngeunaan serangga disebut éntomologi.
Ukuran serangga téh rupa-rupa, ti nu ukur samiliméter nepi ka nu leuwih ti 18 cm. Awakna ruruasan nu dirojong ku éksoskeleton, cangkang nu teuas nu utamana diwangun ku kitin. Awakna dibagi kana tilu bagian: hulu, dada/toraks, jeung beuteung/abdomén. Dina huluna aya anténeu sénsor, sapasang panon majemuk, jeung sungut. Dina dadana aya genep suku (sapasang dina unggal ruasna) jeung jangjang (mun aya). Beuteungna, nu diwangun ku sawelas ruas, mibanda struktur pikeun ékskrési jeung baranahan.
Sistim sarafna dibagi kana uteuk jeung urat saraf véntral. Luyu jeung kapsul hulu nu diwangun ku genep ruas awak anterior, anatomi uteuk serangga ogé ngandung genep pasang ganglia. Tilu pasang nu kahiji ngagabung dina uteuk, sedengkeun tilu pasang nu séjénna ngagabung kana struktur nu disebut subesophageal ganglion. Susunan kieu ogé aya dina dada nepi ka abdomén, iwal yén dina abdomén mah pasangan gangliana téh ukur aya dina dalapan ruas nu di hareup. Loba di antara spésiés-spésiés serangga nu ngurangan jumlah ganglionna ku ngagabungkeun sababaraha ganglion abdominal atawa ngagabungkeun nu na abdomén jeung nu na dada. Misalna cucunguk, na abdoménna téh ukur aya genep ganglion. Ogé dina laleur, ganglion awakna téh digabungkeun jeung ganglion dada.
Serangga mibanda sistim cerna nu lengkep, dina harti boga solobong nu nyambung ti sungut nepi ka bool. Sistim éksrésina ngawengku tubula Malpighi pikeun miceun runtah nu ngandung nitrogén sarta 'peujit tukang' (hindgut) pikeun osmorégulasi. Dina tungtung peujit tukang, serangga bisa nyerep deui cai sarta ion-ion kalium jeung natrium. Ku kituna, serangga mah tara ngaluarkeun cai bareng jeung taina. Prosés nyerap ulang ieu jadi 'bekel' serangga sangkan bisa hirup di lingkungan nu panas tur garing.
Serangga mah lolobana boga dua pasang jangjang nu perenahna dina buku toraks/dada kadua jeung katilu. Mun tina jihat téori évolusi mah, kelompok sato ieu téh mangrupakeun hiji-hijina kelompok invertebrata nu jangjangan, sahingga kacatet salaku kelompok sato nu bisa salamet nepi ka kiwari. Serangga jangjangan jeung dulurna nu teu jangjangan ngahiji dina subkelas Pterygota. Cara hiber serangga can pati kateuleuman. Serangga nu leuwih maju, nyaéta nu kaasup Neoptera, sacara umum, jangjangna téh bosa ditilepkeun dina tonggongna, sahingga teu ngaganggu gerakna nalika teu hiber. Dina serangga kitu, jangjangna ieu diatur ku otot hiber-teu langsung ku jalan neken pinding toraks. Otot ieu bisa kontraksi tanpa impuls saraf, sahingga jangjangna bisa gerak gancang pisan.
Rorongkong luar serangga nu disebut kutikula/kutikel diwangun ku dua lapisan: (1) épikutikel nu mangrupa lapisan luar nu ipis tur ngandung lilin sahingga teu tembus cai, teu ngandung kitin jeung (2) lapisan handapeunana nu disebut prokutikel nu ngandung kitin sarta leuwih kandel batan lapisan luar. Lapisan jero ieu bisa dibagi deui kana dua lapisan: éksokutikel jeung éndokutikel. Éndokutikel ieu weweg tapi ngenyod kawas nu diwangun ku sababaraha lapis, ngandung serat kitin jeung protéin nu disusun silih timpah silang.
Serangga migunakeun réspirasi trahéal pikeun ngakut oksigén ka sakujur awakna. Lawang na awakna disebut spirakel nu nyambung ke sistim trahéal tubular. Udara nepi ka jaringan jero ngaliwatan sistim ieu. Moal leuwih ti sapasang spirakel per ruasna, sarta moal leuwih ti dua pasang spirakel dina toraksna (mésotoraks jeung métatoraks), atawa leuwih ti dalapan pasang dina abdoménna (dalapan ruas nu mimiti). Serangga nu leuwih luhur jumlah spirakelna téh leuwih saeutik. Spirakel téh dilengkepan ku kelép/katup nu diatur ku otot, sahingga bisa ditutup nalika perlu (misalna keur na cai atawa ngurangan kalembaban). Pikeun ngahalangan kebul jeung partikel lianna, spirakel téh dilengkepan ku bulu nu bisa nyaring éta gangguan.
Aya sababaraha spésiés serangga, kayaning anggota Chironomidae, nu ngandung pigmén résporatori kawas hémoglobin dina hambalan bilatungna. Dina serangga sarupa kitu mah trahéana téh leutik sabab awakna bisa nyerep oksigén langsung tina cai, sahingga bisa hirup dina jero leutak nu kandungan oksigénna saeutik pisan. Tilu pasang spirakel na kutu cai dibungkus ku mémbran nu sénsitip tekenan, sarupa jeung cara gawé jero ceuli manusa.
Serangga ogé loba nu bisa ngitung, di antarana wasp (aya nu uninga Sundana?), nu nempatkeun endog-endogna masing-masing dina hiji sél katut sababaraha hileud pikeun parabna mun geus megar. Aya nu nyadiakeun lima, sawelas, atawa dua puluh opat hileud per sél, gumantung ka spésiés jeung jenis kelaminna (nu jalu awakna leuwih leutik batan nu bikang, jadi hileud nu disadiakeun ogé leuwih saeutik).
Serangga sosial, kayaning sireum jeung nyiruan, mangrupakeun sato spésiés eusosial nu paling dipikawanoh ku manusa. Serangga-serangga éta nyayang hirup dina koloni nu diatur kalawan ketat, sahingga kadang dianggap superorganisme.
Najan serangga téh lolobana mah dianggap hama, sabenerna mah loba ogé serangga nu penting ajénna pikeun lingkungan jeung manusa. Di antarana baé serangga nu ngabantu penyerbukan tutuwuhan kembangan (misalna wasp, nyiruan, kukupu, sireum). Hubungan ieu sipatna mutualusme, silih untungkeun: serangga nyeuseup sari kembang, sedengkeun tutuwuhanana kabantu dina penyerbukan kembangna. Masalah lingkungan jaman kiwari téh justru di dieu pisan, yén serangga nu bisa ngabantu penyerbukan populasina beuki ngurangan.
Nepi ka kiwari, hubungan antara serangga jeung bangsa sato séjén téh masih can écés. Najan sacara tradisional disakelompokkeun jeung titinggi sarta lipan, bukti nu némbongan mah malah nunjukkeun yén serangga mah leuwih deukeut hubungan évolusionérna jeung crustacean. Numutkeun téori Pancrustacea, serangga jeung Remipedia sarta Malacostraca téh ngabentuk clade alami.
Catetan fosil nunjukkeun yén serangga dumadakan mucunghul munggaran dina awal periode Carboniferous Ahir, Yuga Bashkirian Awal, kira 350 juta taun ka tukang. Dina mangsa éta, tétéla spésiés serangga téh geus rupa-rupa. Catetan fosil gé nunjukkeun yén harita téh geus aya leuwih ti satengah losin ordo. Ku kituna, serangga munggaran téh meureun mucunghulna dina periode Carboniferous nu leuwih awal, atawa dina periode Devonian saméméhna.
Artropoda | Éntomologi | Sasatoan | Serangga
Inseuto | حشرات | Inseutu | Насекоми | Insekti | Insectes | Hmyz | Pryf | Insekt | Insekten | Insect | Insekto | Insecta | Putukad | Hyönteiset | Insecta | Ynsekten | Feithid | Insecto | חרקים | Kukci | Insekta | Insekto | Skordýr | Insecta | 昆虫類 | 곤충 | Insekten | Insekte | Vabzdžiai | Serangga | Insecten | Insekter | Insecta | Owady | Inseto | Insectă | Насекомые | Insekt | Insect | Žuželke | Инсекти | Insekter | Mdudu | แมลง | Böcek | Комахи | Sâu bọ | 昆虫
This article is licensed under the GNU Free Documentation License.
It uses material from the
"Serangga".
Home Page • arts • business • computers • games • health • hospitals • home • kids & teens • news • physicians • recreation• reference • regional • science • shopping • society • sports • world