Sakumaha dipertélakeun ku éntomologis, laleur téh hartina spésiés serangga naon baé nu kaasup Ordo Diptera. Cirina nyaéta boga jangjang sapasang. Laleur mah geus dalit pisan jeung kahirupan manusa, di antarana aya nu bisa ngabalukarkeun kasakit parna.
Hirup laleur gumantung pisan kana panénjona. Panon majemukna diwangun ku rébuan lénsa nu sénsitip pisan kana gerakan. Malah aya di antarana nu boga panénjo 3D nu akurat pisan. Aya sababaraha laleur, misalna Ormia ochracea, mibanda organ pangrungu nu alus. Nu jadi kadaharan laleur téh rupa-rupa, gumantung ka spésiésna. Laleur-kuda sok ngagembrong tatu mangsana pikeun nyeuseup cairanana, sedengkeun laleur imah ngahakan cairan tina dahareun nu geus diciduhan (ngandung énzim) ku manéhna.
Sababaraha tipeu bilatung nu sok kapanggih ngagimbung bisa dipaké pikeun kaperluan forénsik. Ku nilik hambalan hirupna, bilatung ieu bisa dipaké pikeun nangtukeun waktu jeung asal-muasal organisme nu paéh.
Idéntifikasi bilatung maké hiji klasifikasi nu disebut hambalan "Instar": instar I panjangna kira 2-5 mm, instar II 6-14 mm, sedengkeun instar III 15-20 mm. Ukuran ieu kira-kira sarua jeung 2-3 poé, 3-4 poé, jeung 4-6 poé (pikeun rata-rata laleur imah) ti saprak neundeun endog. Migunakeun ieu data, ditambah ku tanda-tanda lianna, para élmuwan forénsik bisa nangtukeun iraha kira-kira paéhna.
Mosca | Flue | Fliegen | Fly | Mosca | Mouche | זבוב | Musho | Musė | Lalitra | Tweevleugeligen | Fluer | ハエ | Mosca | Fluga