Baranahan (réproduksi) nyaéta prosés biologis pikeun nyiptakeun turunan:
Aya rupa-rupa cara baranahan nu dipaké ku rupa-rupa spésiés. Sababaraha sato, kaasup manusa (mun geus sawawa), jeung Gannet Kalér (5-6 taun), ngahasilkeun saeutik turunan. Nu séjén baranahan gancang pisan, tapi mun teu dikukut sacara artifisial, turunanana lolobana teu salamet nepi ka sawawa. Kelenci (sawawa sanggeus 8 bulan) ngahasilkeun 10 - 30 turunan per taun, Buhaya Nil (15 taun) ngahasilkeun 50, sedengkeun laleur buah (10-14 poé) bisa nepi ka 900. Dua cara di luhur bisa dipiresep na évolusi: sato nu turunanana saeutik bisa ngasuh jeung ngajaga anakna, sahingga nurunkeun kabutuh pikeun baranahan; nu séjénna, sato nu loba turunanana teu kudu ngaluarkeun tanaga pikeun ngasuh, sahingga bisa baranahan leuwih loba.
Dua cara ieu katelah seléksi-K (saeutik turunan) jeung seléksi-r (loba turunan), nu gumantung kana rupa-rupa kaayaan.
Reprodukcija | reproducció | Reproduktion | reproducción | 生殖 | Voortplanting | Reproduction
This article is licensed under the GNU Free Documentation License.
It uses material from the
"Baranahan".
Home Page • arts • business • computers • games • health • hospitals • home • kids & teens • news • physicians • recreation• reference • regional • science • shopping • society • sports • world