Tiamin, nu ogé katelah vitamin B1, mangrupakeun sanyawa teu warnaan nu rumus kimiana C12H17N4OS. Tiamin leyur dina cai, teu leyur dina alkohol, sarta bakal ruksak mun dipanaskeun. Tiamin munggaran kapanggih ku Umetaro Suzuki di Jepang nalika nalungtik kumaha béas bisa ngubaran pasén Béribéri. Sanyawa ieu ku anjeunna dingaranan asam aberat.
Pancén biologis
Tiamin piropospat (
TPP) téh
koénzim pikeun
piruvat dehidrogénase,
α-ketoglutarat dehidrogénase, jeung
transketolase.
Énzim nu dua ti payun boga pancén dina
métabolisme karbohidrat, sedengkeun transketolase mah dina
jalur pentosa pospat pikeun nyintésis
NADPH jeung
gula pentosa
deoksiribosa jeung
ribosa. TPP disintésis ku énzim
tiamin piropospokinase, nu merlukeun tiamin bébas,
magnésium, jeung
adénosin tripospat.
Dina kasakit
Defisiénsi
Kakurangan tiamin sistemik bisa ngabalukarkeun loba pisan masalah, kayaning
neurodegenerasi, begung, dugi ka
maotna. Kakurangan ieu bisa alatan
kurang gizi, nuang katuangan nu euyeub ku
tiaminase (lauk darat jeung kerang atah, papakuan) jeung/atawa katuangan nu euyeub ku faktor anti-tiamin (
entéh,
kopi)
*.
Gejala nu paling dipikawanoh alatan kakurangan tiamin, di antarana sindrom Wernicke-Korsakoff jeung béribéri, kasakit nu ogé ilahar narajang nu kacanduan alkohol.
Overdosis
Nepi ka kiwari, kajadian overdosis tiamin téh alatan injéksi tiamin, nu ngabalukarkeun réaksi
anapilaktik.
Kasakit genetik
Kasakit genetik transpor tiamin mah jarang, tapi parna balukarna.
Thiamine Responsive Megaloblastic Anemia with diabetes mellitus and sensorineural deafness (TRMA) téh kalainan autosomal resésif alatan
mutasi dina
gén SLC19A2, transporter tiamin nu afinitasna luhur. Pasén TRMA teu némbongkeun tanda kakurangan tiamin sistemik, nu nunjukkeun kaleuwihan sistim transpor tiamin. Papanggihan ieu ngagiring kana kapanggihna transporter tiamin nu afinitasna luhur anu kadua,
SLC19A3.
Rujukan
Amina | Pirimidin
Vitamin B1 | Tiamina | Thiamin | Tiamin | Thiamin | Thiamine | Vitamina B1 | Tiamino | ویتامین ب۱ | Vitamine B1 | 비타민 B1 | Vitamin B1 | Tiamina | ויטמין B1 | Thiamin | Tiaminas | Thiamine | チアミン | Witamina B1 | Vitamina B1 | Tiamină | Vitamina B1 | Витамин Б1 | Tiamiini | Tiamin | Tiyamin | 硫胺