Selulosa (C6H10O5)n nyaéta karbohidrat polimér polisakarida rantay panjang béta-glukosa. Selulosa ngawangun komponén struktural utama dina tutuwuhan nu teu bisa dicerna ku manusa.
Sababaraha sasatoan, hususna ruminan (sato nu "ngamamah biak") jeung rinyuh, bisa nyerna selulosa ku ayana mikroorganisme simbiotik - tempo métanogén.
Selulosa diolah pikeun nyieun selofan jeung rayon, kabéhdieunakeun Modal, tékstil nu diturunkeun tina selulosa beechwood.
Selulosa ogé dipaké di laboratorium salaku substrat bentuk padet dina kromatografi lapis ipis.
Selulosa mangrupakeun bahan dasar utama kertas.
Dina bahan selulosa, bagian nu teu leyur na natrium hidroksida (NaOH) 17.5% nu hawana 20 °C disebut Selulosa Alfa, nu mangrupakeun selulosa nu sabenerna; bagian nu leyur lajeng ngendap nalika diasamkeun disebutna Selulosa Béta, sedengkeun bagian nu leyur tapi teu ngendap disebut Selulosa Gama.
سيليولوز | Целулоза | Cel·lulosa | Celulosa | Cellulose | Zellulose | Cellulose | Celulozo | Celulosa | Tselluloos | Selluloosa | Cellulose | תאית | Selulosa | Celulozo | Cellulosa | セルロース | Celiuliozė | Целулоза | Cellulose | Cellulose | Celuloza | Celulose | Целлюлоза | Cellulose | Cellulosa | เซลลูโลส | Целюлоза | 纤维素
This article is licensed under the GNU Free Documentation License.
It uses material from the
"Selulosa".
Home Page • arts • business • computers • games • health • hospitals • home • kids & teens • news • physicians • recreation• reference • regional • science • shopping • society • sports • world