Sanyawa organik nyaéta golongan besar sanyawa kimia nu molekulna ngandung karbon, iwal karbida, karbonat, jeung oksida karbon. Studi ngeunaan sanyawaan organik disebut kimia organik. Loba di antara sanyawaan organik, kawas protéin, lemak, jeung karbohidrat, mangrupakeun komponén penting dina biokimia.
Di antara sababaraha golongan sanyawaan organik nyaéta sanyawa alifatik, ranté karbon nu bisa dirubah gugus fungsina; hidrokarbon aromatik, sanyawaan nu ngandung paling henteu hiji cingcin bénzéna; sanyawa hétérosiklik nu ngawengku atom-atom nonkarbon dina struktur cingcinna; jeung polimér, molekul ranté panjang gugus ngulang.
Pangbéda antara kimia organik jeung anorganik nyaéta aya/henteuna beungkeut karbon-hidrogén. Sahingga, asam karbonat kaasup anorganik, sedengkeun asam format, asam lemak munggaran, organik.
Ngaran "organik" nujul kana sajarahna, dina abad ka-19, nu dipercaya yén sanyawa organik ngan bisa disintésis dina awak organisme dina vis vitalis - "life-force".
Lolobana sanyawaan kimia murni dijieun sacara artifisial.
Sanyawa organik | Kimia organik
مركب عضوي | Organická látka | Organisk forbindelse | Organic compound | Compuesto orgánico | Orgaaninen yhdiste | תרכובת אורגנית | Senyawa organik | Composto organico | 有機化合物 | Organische verbinding | Związki organiczne | Composto orgânico | Органические вещества | Organic compound | สารประกอบอินทรีย์ | Органічні сполуки | Hợp chất hữu cơ | 有机化合物
This article is licensed under the GNU Free Documentation License.
It uses material from the
"Sanyawa organik".
Home Page • arts • business • computers • games • health • hospitals • home • kids & teens • news • physicians • recreation• reference • regional • science • shopping • society • sports • world