Rahim (uterus) téh salahsahiji organ baranahan bikang dina kalolobaan mamalia, kaasup manusa. Salahsahiji tungtungna, cervix, mangrupakeun lawang ka heunceut; sedengkeun nu séjénna nyambung ka solobong Fallopi (fallopian tubes). Dina mamalia, bentuk rahim téh aya opat: bipartit, kawas dina sapi; bikornuat, kawas dina bagong; simpléks, bentuk pear kawas nu aya di manusa jeung kuda; sarta dupléks, kawas dina kelenci.
Rahim lolobana mah diwangun ku otot nu katelah myométrium. Lapisan myométrium pangjerona disebut junctional zone, nu bakal ngandelan nalika adenomyosis. Pinding rohangan rahim disebut éndométrium. Di kalolobaan mamalia, kaasup manusa, éndométriumna téh sacara matuh ngawangun pinding nu, mun teu reuneuh, bakal gugur atawa diserep deui. Gugurna pinding éndométrium ieu di manusa katelah ménstruasi sapanjang mangsa suburna. Di mamalia séjénna, daurna téh antara ukur sababaraha poé nepi ka satengah taun.
Матка | Děloha | Croth | Livmoder | Gebärmutter | Uterus | Utero | Útero | Kohtu | Utérus | רחם (איבר) | Uterus | Utero | 子宮 | Gimda | Baarmoeder | Mudder (Uterus) | Macica | Útero | Матка женщины (анатомия) | Uterus | Maternica | Maternica | Материца | Livmoder | Rahim (tıp) | 子宫 | Seⁿ-kiáⁿ-tē
This article is licensed under the GNU Free Documentation License.
It uses material from the
"Rahim (anatomi)".
Home Page • arts • business • computers • games • health • hospitals • home • kids & teens • news • physicians • recreation• reference • regional • science • shopping • society • sports • world