Mémbran sél (atawa mémbran plasma atawa plasmalémma) téh hiji wangunan ipis lapis ganda molekul fosfolipid jeung protéin nu ngabungkus sél. Lapisan ieu misahkeun antara "jeroan" sél ti sabudeureunana sarta ngatur naon baé nu bisa asup jeung kaluar. Mémbran beungeut sél ilaharna ngandung protéin reséptor jeung protéin adhési sél. Aya ogé protéin-protéin lianna, nu pancénna rupa-rupa. Protéin mémbran ieu penting pisan pikeun ngatur paripolah sél sarta organisasi sél dina jaringan.
Dina sél sato, mémbran sél téh nyorangan, béda ti kapang, baktéri, jeung tutuwuhan nu mibanda pinding sél di bagian luarna, nu ngarojong sacara mékanis. Mémbran plasma téh kandelna ukur kira 10 nm. Salah sahiji pancén utamana nyaéta pikeun ngajaga poténsial sél.
Gumantung ka molekulna, angkutan téh lumangsung maké mékanisme nu béda-béda, di antarana nyaéta mékanisme transpor aktif (butuh énérgi dina bentuk ATP) jeung transpor pasif (teu butuh énérgi).
Transpor aktip lumangsung nalika ngakut molekul nu arahna ngalawan gradién éléktrokimiana, nu ceuk éntropina teu dipisuka, tapi bisa dijalanan sacara stoikiométri ku ngahidrolisis ATP. Dina transpor aktip primér, transporter nu ngakut molekul ngalawan gradién listrik/kimiana téh ngahidrolisis ATP. Dina transpor aktip sekundér, transporter maké énérgi nu dihasilkeun tina transpor molekul lian nu saarah jeung gradiénna. Prosés ieu bisa simport (saarah) atawa antiport (arah patukang tonggong/pasalingsingan).
Conto transpor aktip nyaéta dina panukeur molekulér, transporter molekulér, jeung ATPase transmémbran
Transpor pasif mangrupakeun hiji cara mindahkeun zat kimia meuntas mémbran ku jalan dipusi molekul polar leutik hidropobik (nonpolar), atawa méré jalan dipusi molekul ionik jeung polar, maké protéin transpor. Prosés spontan ieu ngurangan énérgi bébas, sarta ngaronjatkeun éntropi dina sistim. Teu kawas transpor aktif, prosés ieu teu butuh énérgi kimia (ATP).
Cytoplazmatická membrána | Cellemembran | Zellmembran | Cell membrane | Membrana plasmática | Solukalvo | Membrane cellulaire | קרום תא | Membran sel | Frumuhimna | Membrana cellulare | 細胞膜 | 세포막 | Zellmembran | Plazminė membrana | Клеточна мембрана | Membran sel | Celmembraan | Błona komórkowa | Membrana plasmática | Клеточная мембрана | Cell membrane | Cytoplazmatická membrána | Celična membrana | Ћелијска мембрана | Cellmembran | Hücre zarı | Màng tế bào | 细胞膜
This article is licensed under the GNU Free Documentation License.
It uses material from the
"Mémbran sél".
Home Page • arts • business • computers • games • health • hospitals • home • kids & teens • news • physicians • recreation• reference • regional • science • shopping • society • sports • world