Kloroplas téh organél nu aya dina sél tutuwuhan jeung ganggang eukariot nu bisa ngayakeun potosintésis. Kloroplas nyerep énérgi cahya ti panonpoé pikeun ngahasilkeun énérgi bébas nu diteundeun dina ATP jeung NADPH dina prosés potosintésis.
Dina tutuwuhan héjo, kloroplas téh dikubeng ku dua mémbran lipid ganda. Kiwari, mémbran jero dianggap patali jeung mémbran luar sianobaktéri karuhunna. Génom kloroplas lajeng ngurangan dibanding jeung sianobaktéri nu hirup bébas, tapi sésa nu aya écés nunjukkeun kasaruaanana. Gén-gén anu leungit téh lolobana pindah, disandikeun di génom inti inangna.
Penting kauninga ogé, yén dina sababaraha ganggang (kayaning heterokont jeung protista lianna kawas Euglenozoa jeung Cercozoa), kloroplas téh siga nu tumuwuh ngaliwatan kajadian éndosimbiosis sekundér, nalika sél eukariot 'ngalegleg' sél eukariot kadua nu ngandung kloroplas, sahingga ngabentuk kloroplas nu dibungkus ku tilu atawa opat lapis mémbran. Dina sababaraha kajadian, éndosimbion sekundér ieu dilegleg deui ku eukariot lianna, sahingga ngabentuk éndosimbion tersiér.
Cairan dinajero kloroplas disebut stroma, sarupa jeung sitoplasma baktéri, sarta ngandung DNA sirkulér leutik nu jeung ribosom, najan kalolobaan protéinna mah disandi ku gén nu aya di inti, nu produk protéinna diangkut ka jero kloroplas.
Stroma téh pinuh ku tumpukan tilakoid, sub-organél tempat potosintésis nu sabenerna. Tilakoid ieu bentukna buleud gepéng, nu jerona rohangan kosong nu disebut rohangan tilakoid atawa lumén. Tilakoid ieu disusun numpuk, sarta sasusunan tilakoid disebutna granum. Réaksi potosintésis lumangsung dina mémbran tilakoid, sarta, sarupa jeung dina mitokondria, ngawengku aliran biosintésis antarmémbran.
Хлоропласт | Cloroplast | Grønkorn | Chloroplast | Chloroplast | Cloroplasto | Kloroplasto | سبزدیسه | Chloroplaste | 엽록체 | Grænukorn | Cloroplasto | כלורופלסט | Chloroplastas | Хлоропласт | Bladgroenkorrel | 葉緑体 | Chloroplast | Chloroplast | Cloroplasto | Хлоропласт | Chloroplast | Хлоропласт | Kloroplast | Kloroplast | 叶绿体
This article is licensed under the GNU Free Documentation License.
It uses material from the
"Kloroplas".
Home Page • arts • business • computers • games • health • hospitals • home • kids & teens • news • physicians • recreation• reference • regional • science • shopping • society • sports • world