Chaeteessidae
Metallyticidae
Mantoididae
Amorphoscelidae
Eremiaphilidae
Hymenopodidae
Mantidae
Empusidae
Congcorang nu mangrupakeun hiji ordo Mantodea diwangun ku 1.800 nepi ka 2.000 spésiés, nu lolobana kaasup Mantidae. Dulur congcorang pangdeukeutna nyaéta ordo Isoptera (rinyuh) jeung Blattodea (cucunguk). Sababaraha éntomologis ngagolongkeun congcorang jeung cucunguk dina hiji ordo.
Congcorang kawentar ku ukuranana nu katémbong badag tur lincah. Kadaharanana biasana mah serangga hirup samodél laleur; spésiés congcorang nu leuwih badag sok ngamangsa kadal leutik, bangkong, jeung manuk ku cara ditéwak ku "leungeun"na.
Congcorang téh manukna dina nyaru mah, utamana ngaluyukeun manéh jeung kelir dangdaunan tempat hirupna sahingga bisa nyumput ti nu rék ngamangsa, sakaligus ngadodoho mangsana. Spésiés nu di Afrika jeung Australia mah aya nu bisa robah kelirna jadi hideung dina jangka sababaraha poé. Malah lain kelirna wungkul, sabab panémbongna gé bisa nyaru dangdaunan, jukut, atawa babatuan.
Gumantung ka spésiésna, congcorang bikang bisa ngahasilkeun sapuluh nepi ka opat ratus endog, diteundeun dina busa nu dihasilkeun ku kelenjar dina beuteungna. Busa ieu laju ngaheurasan, ngabentuk kapsul dina dangdaunan atawa dina taneuh. Aya spésiés nu ngajaga endogna, aya ogé nu henteu. Endog ieu kadang sok dihakan ku sabangsa nyiruan.
Congcorang ngalaman tilu hambalan métamorfosis: endog, larva, sawawa. Para élmuwan mah sok nyebutna téh métamorfosis teu anggeus, sabab larva jeung nu geus sawawa méh sarupa, iwal ukuranana leuwih leutik jeung teu jangjangan. Larva congcorang ngabadagan awakna ku jalan ngaganti awak luarna ku éksoskeleton nu liat jeung ganti kulit mun perlu. Ieu bisa lumangsung lima nepi ka sapuluh kali, gumantung spésiésna, nepi ka tungtungna ngahasilkeun jangjang nu sampurna.
Di sagigireun ngamangsa hama, congcorang ogé ngahakan serangga nétral/nu nguntungkeun, pokona mah naon baé, kaasup kukupu jeung kolibri.
Dina abad ka-18, biologi jeung morfologi congcorang geus kaitung akurat, di antarana dina buku Insekten-Belustigungen (Kalangenan Serangga) karya Roesel von Rosenhof.
Mantodea | Mantodea | Louva-a-Deus | 螳螂
This article is licensed under the GNU Free Documentation License.
It uses material from the
"Congcorang".
Home Page • arts • business • computers • games • health • hospitals • home • kids & teens • news • physicians • recreation• reference • regional • science • shopping • society • sports • world