article

Asam nukléat nyaéta hiji makromolekul biokimiawi pajeulit nu diwangun ku rantay nukléotida nu ngandung émbaran genetik. Asam nukléat pang ilaharna nyaéta asam déoksiribonukléat (deoxyribonucleic acid, DNA) jeung asam ribonukléat (ribonucleic acid, RNA). Asam nukléat aya dina sakabéh sél hirup jeung virus.


Diagram asam nukléat utas ganda nu dibasajankeun. Buleudan konéng nunjukkeun fosfat; buleudan héjo nunjukkeun pentosa; buleudan beureum nunjukkeun basa nitrogén; garis nunjukkeun beungkeut kovalén; garis pegat nunjukkeun beungkeut hidrogén.

Pamuka


Asam nukléat, disebut kitu sabab ayana dina nukleus/inti sél, nyaéta ngaran generik pikeun hiji kulawarga biopolimér. Monomérna disebut nukléotida, nu masing-masing ngandung tilu komponén: basa nitrogén hétérosiklik (boh purin atawa pirimidin), hiji gula péntosa, jeung hiji gugus fosfat. Tipe-tipe asam nukléat dibédakeun tina gula nu aya dina rantayna (misal, DNA atawa asam déoksiribonukléat ngandung 2-déoksiribosa). Ogé, basa nitrogén dina dua asam nukléat éta béda: boh adénin, sitosin, jeung guanin bisa aya na RNA atawa DNA, sedengkeun timin ukur aya na DNA; urasil ukur aya na RNA.

Interaksi hidrofobik


Interaksi hidrofobik asam nukléat can pati kaharti.

Kaleyuran


Sumber umum


Tumbu kaluar


Biokimia Métabolisme nitrogén

Нуклеинова киселина | Àcid nucleic | Nukleinsäure | Nucleic acid | Ácido nucleico | Nuklea acido | Acide nucléique | Acidi nucleici | Nucleinezuur | 核酸 | Kwas nukleinowy | Ácido nucleico | 核酸

 

This article is licensed under the GNU Free Documentation License. It uses material from the "Asam nukléat".

Home Pageartsbusinesscomputersgameshealthhospitalshomekids & teensnewsphysiciansrecreationreferenceregionalscienceshoppingsocietysportsworld